20090302

ESTETIKA RAKSUKAN

Ku; Fitri (XII IPA SMA PASUNDAN 5)

Sakabeh jalma butuh ku papakean, sabab kaasup bahan poko kaperluan hirup sabada kadaharan. Salawasna urang kudu make papakean, papakean teh gede gunana pikeun nutupan orat, nutupan awak supaya teu kapanasan jeung katirisan, jeung pikeun papaes diri deuih atawa bisa oge disebut kabutuhan estetis atawa kabutuhan kaendahan sakabeh jalma anu makena.

Pakean teh rupa-rupa pisan, boh bahanna boh potongannana, hal ieu gumantung kana waktu, tempat, suasana jeung saha nu makena.

Alusna urang ulah make papakean anu sereg, lantaran ngaganggu jalana getih, matak teu laluasa ngarenghap, jeung ngaganggu kana obahna anggota badan. Sajaba ti eta papakean anu geus kotor, ulah dipake deui, kudu buru-buru salin komo baju jero mah alusna nu tas dipake ti beurang, peutingna ulah dipake deui. Cindekna papakean teh kudu beresih, supados jauh tina kasakit genah dipakena.

Tidak ada komentar: